JANGJAWOKAN


Jangjawokan paranti diminyak
Minyak aing minyak watu
Dipidu di sihung maung
Diocék di panonpoé
Sekartaji suru gajah
Nya gajah tunggal
Katawu wus kabeubeur wus
Kabeungkeut atina Si Anu
Atawa atina wong sajagat kabéh

Jangjawokan paranti lintar atawa nguseup
Aki Rékrék Turaya
Aing nya pangkonan sia
Bayu mas nu lénggang patih
Bayu emas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku moncorong
Ratna putih sang ibuh putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demi jati.

Jangjawokan paranti nguseup séjéna
Sernud-sernur kenur sanur
Eundeuk-eundeuk umbul-umbul
Séot gerenyeud banyu obyég
Duldel pamecatan ti ratu siul
Kocopok-kocopok géhgér giriwil
Ahsirhung-ya akung ratu jelér

Berikut kutipan mantera pelet Ki Lamsijan dan Nyi Ceupleu:
1.
Tunjuk aing simarincung
ditunjuk ku dua mangkuk
diondang sangkala datang
bayu sia geus ditungtun
atma sia geus dibawa
kurungan sia di aing
teu wedi paseuri seuri
teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layan
amprok jongok manggih jodo
…..aing tuturkeun!
 (titik-titik agar diisi oleh nama wanita idaman)
2.
Ka cai sia ngadon ceurik
ka darat sia ngadon midangdam
datangkeun sia belang
deukeutkeun sia kelong
selenteng angen sia ka aing
ret hayang ret asih
asih ka badan aing
tuturkeun uing Kang…….
 (silahkan sebutkan nama pria dimaksud)
Bila mantera pelet tersebut salah sasaran, artinya malah nyangkut di seseorang yang bukan diinginkan ada mantera tolaknya:

Imut aing imut kunyuk
seuri aing seuri lutung
sora aing sora domba
tangtung jiwa anu burung
lengkah kawas anu siwah
angin malik ka jadina
gendam mulang ka asalna
pelet hamo daek masket

Bismillahirahmanirrahiiim..... ...

Tuli Asihan Aing Si Pucuk Gadung
Nu sa taruk Matak Lanjung
Nu sa Ciwit Matak Ceurik

Jig Ka Cai Ngadon Ceurik
Jig Ka Darat Ngadon Mi dam daman

Cai Asa Tuak Bari
Kejo Asa Tatal Bobo

Asihan aing ka NYI.........(Sebat ngarana)
Nu jauh masing Carunduk
Nu Anggang sing Daratang


Asihan Aing Si legeut Teurep
Nu cepeul Lir getah teureup
Tel Sing Amoratel Sa Jagad Wawayangan

Ke tarek hate ka pentang cinta asmara
maka dedeuh maka welas asih ka awaking
berkat la illa ha il allah
Piranti jangjawokan ini ga bisa buat main2 sekali tembak langsung nikah bila tidak akan balik ke diri sendiri

(Si Runcang Tundang)

Meong Pundung datang ampun
Badak galak datang depa
Orai laki datang numpi

Asihan aing si Runcang Tundang
dI tundang di bawa pulang
di kandung di bawa duduk

Siuk Hujan di Gunung
Di Guntur Hujan Ci remis panon sia( sebat ngarana )

Sing Deduh jeung nyaah ka kawula
Kawula lalananging Jagad

* Wahuwa ma akum ainama kuntum,wa allahu bima ta'maluna
Basyir.....33x

Mayang Ragrag)


Satu bulan lumambang
dua bulan Ngaherang
tilu bulan gemulung
Opat bulan ngarupa
lima bulan usik
genep bulan usik ka gigir
tujuh bulan usik ka katuhu
Delapan bulan ka ari ari
salapan bulan medal

Tap Sarawa rawa sarante rante
Sarante jadi sahiji
leles alah manan
hoe iles ngalangkoyang

Mayang rag rag bales mitineng ke raga awaking

* (wirid)
Nyaeta di wirid eweuh hitungan sampe kadenge gdebugan aya suara jatuh ato ragrag eta pertanda nggeus kena nu di gawean ari
can kadenge na naonan terus ulang deui sampe hasil, tiasana nteu lila paling ngge tilu poe nggeus hasil ,komo di puasaan leuwih seket
deui.......sampurasun


1 komentar: