PUISI KURING


LAIN TEU NYAHO

lain hiji lain dua
teu nu gede teu nu leutik
teu nu butut teu nu alus
tibaheula nepika ayeuna
sarua kabehanana

aya pangabutuh kapake
aya perlu teu kapake
lain teu nyaho lain teu apal
lain kapaksa lain dipaksa
nulungan nu jadi maksud

sanajan ngolo sanajan nipu
sanajan azas sanajan bohong
aranjeun senang kuring bungah
aranjeun bungah kuring suka

moal katipu moal rek nipu
moal kabita moal rek ngabibita
kuring apal aranjeun teu nyaho
teu mempan ku pangolo
teu le'eh ku pangbibita

kuring apal ka aranjen
aranjeun can puguh apal ka kuring
kuring nyaho ka aranjeun
aranjeun hese rek nyaho ka kuring

seuri lain pedah ku bungah
tapi seuri pedah ku apal
siga beunang ku pangolo
padahal luar tina pangduga

......................wassalam BAJAY BERGOYANG.................



ASIH DURIAT

tengah peuting nu sepi jempling
ngadangding ngahariring
hiliwirna angin nu maturan
cahya bulan nu nya'angan

nyorangan seja ngumbar lamunan
miharep kembang katresna
kembang anu meujeuhna ligar
numawa rasa asih kana hate

angin harewoskeun ieu asih
bulan pangnepikeun ieu tresna
asih duriat anu nyata
katresna anu saenyana

..........wslm BAJAY BERGOYANG............